#CERPEN3 Panon Poe (Versi Basa Sunda)

by - 10:34 AM

                Grek diuk dina panghareupan imah. Der angin ngahiliwir silih ngaliwat. Byur pagebyur barudak laluncatan dina leutak sawah. Pruk Sakapruk hayam nyatu. Babarengan silih pahiwil meunangan hileud. Kencana bingah ngarasa agung dunia pinuh kaendahan. Lain deui kakuasaan Alloh anu kersa nitipkeun ka urang sadaya.
                Lain ku sorangan. Lain ti pamere. Ieu gubug teh Abah Dolan anu ngajieunna. Ruad-reod sing jaletruk. Manghareupan panon poe ambeh beas lumangsung panen. Burukbuk silih patumpuk, nyiru kanggo napi dina dapuran imah.
                Geus tilu bulan, ieu hujan teh awet netep dina kampung Abah Dolan. Nanging warga di kampungna henteu manggapulya kusabab kawasa ti Alloh SWT. Byar tinggelebyar, sorot caang tina ujung pandang.
                “Ieu mah iraha atuh bah panon poena? Beas henteu acan panen oge. Stok beas diimah saeutik deui bah” istrina Abah Dolan anu biasa disebat ku wargi satempat Wa Onah nanya babari nyeuseuh beas.
                “Sing sabar wae. Boa sakeudeung deui ge aya panon poe boh ayeuna atanapi keenjing. Eta mah kawasa Alloh nyai, da Abah ge henteu tiasa nanaon” walon Abah.
                Lila-lila hujan turun deui anu kasabaraha kalina poe ieu turun hujan. Gura-giru Abah ngajait popoean anu ngagantung dina sisireun sawah.
                “Geuwat arasup, sing kasumbat petir” saur Abah nitah kuring sareng Wa Onah.
                Jleg, patanda sora panto ditutup. Sadayana arasup ka gubug sabari marawa sendal cepit anu kucel teungteuingeun. Dar-der-dor tingjelegor sora petir diluar, ngagarambay nyaangan ieu alam. Sanggeus ngajait acuk oge, Abah langsung asup ka jero imah. Saking sieunna aya hujan angin jeung tingjaleger sora petir anu ngarambay. Sigana aya anu kasumbat, emutan Abah sabari leumpang.
                Tilu poe tilu peuting, hujan teh awet. Kampung oge janten jempling. Biasana aya barudak rame disarawah nanging ayeuna dijalero imah sadaya. Biasana hiruk pikuk kagiatan di kampung, ayeuna meni henteu aya saeutik-eutik acan. Dina kampung ieu lamun aya hujan angin gede sareng ngabararay caang, warga henteu kenging kaluar imah. Kusabab, baheula aya budak leutik hujan-hujannan padahal keur ameng dina panghareupan imah kasumbat petir nepi ka leungit rohna.
                Tina kajadian eta, warga kampung teh netepkeun peraturan desa ari aya hujan angin gede sareng ngabararay caang ulah aya nu kaluar imah. Boh sakedap. Boh lila.
                Matak ku kitu, kuring sareng Abah Dolan sareng oge Wa nah cicing di imah salila tilu poe tilu peuting. Siga nuju bertapa ceuk Abah Dolan mah bari ngaheureuyan ngajawab pananya sim kuring.
                Henteu aya hiburan deui atuh iwal Abah Dolan sareng Radio. Nanging ari Radio di stel pan sarua bae tiasa kasumbat petir. Ari Telepisi da hargana mahal tea.
                Sanggeus hujan reda, kuring teh indit ka sebrang kampung. Nyaritana mah bade ka babaturan baheula kusabab lila henteu papanggih. Sabenerna mah alesan utamana teh nyaeta bade manggihan Nyi Welas nyaeta dukun terkenal di ieu kampung.
                Lamun Abah terang atawa dipasihan terang, geus pasti ngambek pisan ka si kuring. Abah Dolan mah nyaeta jelema anu henteu percaya kanu dukun teh. Ceuk Abah mah dukun teh aliran anu henteu leres. Sareng AbahDolan mah jelemana leukeut pisan ka Agamana teh, nyaeta ajaran Alloh SWT.
                Tujuan utamana ka Nyi Welas teh nyaeta bade nyuhunkeun panon poe di kampung sim kuring. Karunya ningal Abah Dolan sareng Wa Onah, dina seuri na pasti aya sedihna. Kesel oge nungguan panon poe tapi henteu datang-datang sareng oge urangna henteu ngalakukeun saeutik-eutik acan. Lamun warga kampung nitah Nyi Welas ti saharita ambeh eta kampung panon poe pasti geus ti baheula beas teh tiasa panen.
                Geus saminggu, unggal subuh kuring ninggalkeun imah. Lila-lila Abah teh curiga kusabab samemeh subuh geus leungit jeung balik deuina keur gelap nutupan alam.
                “Rarancang Abah mah bade ngabuntutan ke enjing Nyai” saur Abah.
                “Abah, ceuk Nyai mah ulah curigaan heula atuh. Henteu kenging ngacurigaan jelema tapi henteu aya buktina mah” Wa Onah ngajawab sabari mamatahan Abah Dolan.
                “Kedah kumaha atuh Nyai? Abah putus asa manghareupan eta budak. Meni henteu papanggih saminggu ieu”
                “Upami kitu, bener saur Abah. Sok tuturkeun eta budak. Lamun ngalakukeun kagiatan bener leuwih alus antep bae” Wa Onah nyatujuan rencana Abah Dolan.
                Di imahna Nyi Welas kahirupan teh jalan. Nanging lain siga biasana, ieu mah siga aya nu hajatan. Sabenerna oge lain hajatan, aya ritual pikeun nu sim kuring dipikaharep.
                Ritual anu digunakeun, kuring ge henteu apal ngaranna. Nu pastina ieu ritual teh ngabeakeun waktos tilu minggon kanggo ngarengsekeunna. Sapuluh poe tepat ayeuna. Tugas anu mingpin dina ritualna nyaeta Nyi Welas. Beda sareng sim kuring, tugasna diuk pinggireun Nyi Welas.
                Sajujurna geus sapuluh poe ieu, indit ti imah teh ngarasa sieun kusabab Abah Dolan ayeuna-ayeuna sering pisan merhatikeun. Sigana curiga ka kalakuan sim kuring. Tapi salila ieu, Abah henteu ngalakukeun nanaon.
                Isuk-isukna gura-giru Abah hudang miheulaan budak eta.
                Indit bari lalaunan kaluarna. Jol wae Abah ngabuntutan eta budak. Ngaliwatan rupa-rupa tutuwuhan nepi ka hiji gubug anu isuk-isuk geus rame ku jelema. Cicing wae nyumput dina batang kalapa. Pas ditingali saeutik-saeutik, rupa-rupa sagala rupina kanggo ritual anu ditingali ku Abah. Lain henteu percaya oge, da Abah terang ka rupi-rupi kanggo ritual.
                Peutingna dina kampung anu dipikacinta ku kuring. Ngaleupas hiji-hiji anu dianggo, tina jaket, sapatu sareng oge tas anu dicekel. Nembe pisan panto teh dibuka, jol wae Abah Dolan sareng Wa Onah keur diuk calik.
                “Tadi keur naon di imahna Nyi Welas?” Abah mimiti nanya.
                “Eu..eu..hen..” henteu acan ngajawab saeutik-eutik acan Abah geus ngambek.
                “Ari silaing teh kunaon atuh? Ongkoh hayang panon poe. Geuning kalah ngiringan ritual kitu. Abah teh ngajaran naon ka silaing. Nepi ka wanian ngiring ritual. Eta pan henteu aya dina Ajaran Islam!”
                “Hampura Abah. Hampura”
                “Ulah kitu deui. Eta teh diharamkeun ku Alloh SWT. Ari silaing terang Agama, ulah kitu deui. Ngarti henteu?”
                “Muhun Abah muhun. Hampura Bah Wa”

                Tina kajadian eta, kuring teh lepas tina ritual kitu. Saprak kajadian eta oge kuring ngarti, Sabar teh diperlukeun pisan kuhidep. Sareng ngucapkeun syukur kaAgungan Alloh SWT. Geus saminggon, panon poe teh datang sorangan. Waktosna panen oge tiasa ditentukeun siga usum panen biasana. “Alhamdulillah” saur Abah.

You May Also Like

0 Comments